Kamis, 31 Januari 2013

CARITA RAYAT KABUPATEN PURWAKARTA SASAKALA SITU BULEUD

Diposting oleh littlecloud di 23.46

CARITA RAYAT
KABUPATÉN PURWAKARTA
SASAKALA SITU BULEUD
1101507
Kelas 2 A

Situ Buleud - 2012
            Kacaturkeun dina jaman Bupati R. Aria Suriawinata anu kagungan jujuluk Dalem Solawat aya ogé nu nyebut Dalem Santri, harita jeneng Bupati Kabupatén Purwakarta di Karawang. Ku lantaran Karawang sok mindeng kacaahan sabab katotog ku walungan Citarum, nya puseur dayeuh dipindahkeun ka Wanayasa.
            Sanggeus puseur dayeuh pindah ka Wanayasa, Dalem Santri boga maksud pikeun mundahkeun deui kabupatèn ka beulah lebak. Disebut lebak sotéh pédah Wanayasa pernahna aya di luhur, di suku Gunung Burangrang.
            Satuluyna Dalem Santri munajat ka Hyang Agung sita-citana tinekan. Waktu mujasmedi, Dalem Santri meunang ilapat. Saénggalna anjeunna ngageroan cutak, ayeuna mah wadana. Éta wadana dibéré pancén pikeun néangan tempat anu pantes dijadikeun puseur dayeuh kabupatén. Dina impian dalem yén tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun kabupatén téh nyaéta tempat anu aya kobakan cai sarta aya tangkal tanjung tilu.
            “Mamang cutak, peuting teh kaula ngimpi. Ari dina impian téh urang kabéhanana aya di hiji tempat anu pikabetaheun. Tempatna di beulah lebak, aya kobakan cai jeung tangkal tanjung tilu. Ku kituna, ayeuna kénéh mamang geura miang! Jugjug éta patempatan! Upama geus kapanggih, geuwat lapor ka kaula!” ceuk Dalem Santri harita.
            “Unjuk sumangga, kaulanun. Ayeuna kénéh Mamang seja permios bade milari éta petempatan!”
            “Pikeun batur kaueung di jalan mah ngajak waé ponggawa duaan!” ceuk Dalem Santri.
            Gancangna carita, cutak téh indit ka lebak néangan tempat saperti ani dipisaur ku Dalem Santri téa. Kaayaan harita masih kénéh leuweung geledegan. Tangkal kau jeung kakayon séjénna rembet keneh matak hésé lumaku gagancangan. Komo lebah wates tungutng kulon Wanayasa, sajaba ti rembet ku kakayon teh jalanna ogé rumpil. Atuh cutak jeung dua ponggawa téh teu sirikna nété akar-ngeumbing jangkar mapay-mapay jalan pikeun néangan tempat anu cocog jeung impian dalem.
Situ Buleud di pagi hari - 2012
            Saterusna cutak téh nepi ka hiji tempat anu masih kénéh leuweung ganggong-sima gonggong. Manéhna ngadadak nyieun heula jalan, ngabukbak leuweung. Teu lila anjog ka hiji tempat anu aya kobakan cai, tempat pangguyangan badak anu jolna ti Simpeureum jeung Cikumpay. Kitu deui di sabudeureun éta kobakan cai teh aya tangkai tanjung tilu, persis jeung impian dalem éta.
            Cutak atoheun pisan manggih éta patempatan téh, saterusna manéhna ngalaporkeun hal éta ka dalem. Geus kitu mah dalem kalayan dibarengan ku cutak ngajugjug ka éta petempatan. Sabada dibébérés éta tempat téh dingaranan Sindangkasih. Sindang hartina eureun heula, ari kasih tima kecap asih. Jadi, Sindangkasih téh hartina tempat eureun anu pikaresepeun jeung pikaasiheun.
            Nurutkeun carita, harita aya hiji lalaki tukang ngalalana nu ngaranna Purbasari. Elmu pangaweruh Purbasari estu nyongcolang nepi ka kapake ku dalem dina nguruskeun rupa-rupa pasualan. Kitu deui nalika puseur dayeuh rék dipindahkeun ti Wanayasa ka Sindangkasih, Purbasari dipented pangabisana pikeun mémérés eta patempatan.
           Purbasari dijenengkeun sutak di Sindangkasih ku Dalem Aria Suriawinata. Kaayaan Sindangkasih beuki ramé, nu dumuk ngalobaan. Sanggeus ningali kaayaan sarupa kitu, Purbasari indit deui ka beulah kaler anu ahirna anjog ka wewengkon Cikampek ayeuna.
            Kalungguhan cutak di Sindangkasih diganti ku R. Rangga Natayuda. Ari éta pangguyangan badak téa, ku cutak R. Rangga Natayuda satuluyna dibebenah dipapantes dijadikeun hiji situ. Kitu deui wewengkon di sabudeureunana dibébérés. Tempat-tempat anu tadina lungkawing dirarata, nya jleg baé jadi palataran anu kiwari jadi lemah karesidénan.
            Atuh urut pangguyang badak téa sanggeus dipapantes mah robah jadi hiji situ anu katelah ayeuna Situ Buleud téa, nu kiwari jadi salasahiji kareueus warga masarakat Kabupatén Purwakarta.

0 komentar:

Posting Komentar

 

Me, and In Template by Ipietoon Blogger Template | Gadget Review